Rabu, 27 Oktober 2010

Carpon

1. Kembang Ngalindur   

Bener, jodo mah rusiah Pangeran. Teu bisa dihayang-hayang, teu bisa dihalang-halang. Loba contona. Tuh siga si Bardin, si Kodim jeung si Ikin. Ketah, karandapan oge ku kuring sorangan. Palebah dieu...  

2. Nu Kemba Teu Bae Wakca   

Padahal mah dina resepsi harita teh, urang teu kedah tepang sakantenan. Enya, padahal harita teh deuih salira ulah neuteup cara kitu bari jeung nenggorkeun imut...

Cilamping téh désa gegek tapi sikluk, jauh ka ditu-ka dieu. Pernahna di lamping gunung. Tara pati kasaba ku urang béh tengah, da nya éta jalanna rumpil. Urang dinyana nya kitu tara pati laliar ari lain barudak mah nu ngadugdag ngadon sakola ka désa séjén, da di dinya mah taya sakola. Kitu gé teu loba, ukur hiji-dua......
Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi......
Ti tadi ge geus curiga. Nempo rengkakna siga aya nu rek dikedalkeun.
"Aya naon? Aya masalah? Pok caritakeun ulah asa-asa!" ngahaja ditangtang. Padahal jajantung mah miheulaan ratug tutunggulan, inggis nu kedal tina biwirna teh matak teu pikangeunaheun....
meusmeus regot Ki Aduy jeung Ni Otih patukang tonggong ngarinum cèndol. Beurang panas èrèng-èrèngan. Kuring kumètap. Tapi boga duit timana, apan gawè gè can boga deui,....
7. Saung Katineung
Saban poé minggu mah, réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui. Béda minggu ayeuna mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan. Méméh balik ka imah, ngahaja nyimpang heula di kebon jagong ki Oleh. Geuning geus leubeut...
8. PAMADEGAN 
Nu nguriling mirig jempling, ngajingjing hiliwir angin,nyanding bangbalikan pikir, mipir dikir jeung hariring birit peuting. Ngiclik ngilitik nuturkeun suku, muru pungkasan balitung gunung...
9. Nu Ngalayung Memeh Pageto Ku: Toni Lesmana
Jalan geus meh simpe. Imah-imah murungkut saab ku reumis jeung halimun. Janari. Wanci meumeujeuhna tiris. Angin nebak ti pasir-pasir nu ngabelegbeg nalikung lembur. Lampu paancal-ancal. Aya treuk humaregung mapay awak aspal. Ngalaunan sup ka palataran warung nu masih  nyaring. Reg. Lampuna narungtutan parareum. Ti jero warung aya nu ngaringkang... 
10. Purnama Peuting Katiga 
Sora jam salendro ti jero imah heubeul pulas bodas, nu sawareh jandelana ngaremplong keneh,  ngelentrung salapan kali. Nyalabarkeun halimpu lalampahan waktu. Ngahontal pakarangan. Jam salapan peuting. Peuting katiga. Tengah taun...
11. Purnama Peuting Katiga      
Teu nyangka sacongo buuk, manehna datang bari mawa sabeungkeut kembang. Teuing kembang naon ngaranna, kuring oge teu apal. Ari ningali bentuk kembangna mah laleutik, raranggeuyan jiga malati. Tapi ieu mah rupana oranye. Diambeu, biasa wae hambar, taya seungit saeuti-eutik acan... 

<<  >>